⊢
Profile
✍
📢 Berita Terbaru:
Selamat Datang di PAPAHQIQI CHANNEL! Dapatkan update terbaru mengenai tutorial AI, panduan kepegawaian ASN, MyASN, serta resep kuliner nusantara setiap hari di miablog [dot] web [dot] id. • 🔥 Baru: Cara Mengaktifkan Kembali PBI JK yang Dinonaktifkan Karena Desil Naik & Status EXCLUDE Burekol di DTSEN 2026 - Panduan Sanggah Musdes • 🔥 Baru: Resep Tahu Walik Crispy Ayam Suwir Pedas Anti Gagal - Renyah 6 Jam!
[Object]
⋮

Balakbak


Balakbak
sobat ::: eusi : ngagambarkeun heureuy atawa banyol , humor sabalakana
Watek: pikaseurieun.
1 pada := 3 padalisan.

Pupuh 2: Balakbak
Aya monyet ting guntayang dina tangkal
Nerekel
Jalu bikang jeung anakna sukan - sukan
Rarecet
Tingcalekroh (tingcalekroh) ngakanan manggu nu asak
Teu repeh

Kocap aya begog nu misah sorangan
Garetek
Kulit manggu pirang - pirang dihakanan
Diseget
Dipiceunan (dipiceunan) sabab pait karasana
Molelel

Katenjoeun ku indungna dicontoan
Dipesek
Nu dihakan eusina anu barodas
Amis teh
Geus kitu mah (geus kitu mah) anakna ngarasa bungah
Nyerengeh
atanapi
Aya warung sisi jalan rame pisan – Citameng(15-e)
Awewena luas luis geulis pisan – ngagoreng (15-e)
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet – nyanggereng (19-e).

Panambih:

Aya warung sisi jalan
Rame pisan ku nu jajan
Tihothat nu ngaladangan
Nu jarajan sukan-sukan

————————-
Laras: Madenda
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung