Showing posts with label LALAGUAN. Show all posts
Showing posts with label LALAGUAN. Show all posts

Sunday 30 April 2017

PUPUH Maskumambang Sunday 30 April 2017


judul :Pupuh Maskumambang Mp3
eusi : Pupuh anu ngagambarkeun kanalangsaan atawa kasedihan hate bari genes ka diri


PUPUH MASKUMAMBANG

Laras                      : mandenda / nyorong
surupan : 4 = T
BEBAS WIRAHMA

Itu kusir bangun ambek-ambek teuing (12 - i)
Turun tina delman                               (6 - a)
Kuda dipecutan tarik                          (8 - i)
Teu aya pisan ras-rasan                      (8 - a)

Teu ngaraskeun bong kena ka sato laip
Padahal mogokna
Lantaran geus cape teuing
Hayang ngaso eureun heula

Coba lamun aya nu neunggeul ka kusir
Geus tangtu karasa
Nyeuri moal salah deui
Sato ge kitu sarua

Tandak panambih : PUPUH MASKUMAMBANG
Gerakan : sedeng

Naha abong abong teuing
Nasib abdi jadi hewan
Digawekeun beurang peting
Dirangket taya ras rasan

Abong kena abdi sato teu ngarasken kana cape
Sadidinten paeh poso
Mogok soteh awak lunges

Coba kusir mun di peupeuh
Pasti nyeuri karasana
Sato oge tangtu leumpeuh pada-pada boga rasa

Karatagan Damas



Karatagan Damas

Karatagan Damas Ciptaan : Duyeh Suharsa, 1961 Laras : Pelog
Daya Mahasiswa Sunda
Ageman luhung sajati
Rek ngabela tanah Sunda
Sangkan jembar luhung budi
Raharja, Waluya, rahayu
Rahayu sa-Nusantara
Mungguh jembar seuweu-siwi
Sorotna, sinarna, tandangna
Nyaangan ka-sanagara



Daya Mahasiswa Sunda
Tekadna anu sajati
Ngarojong budaya Sunda
Pikeun nyangga lemah cai
Ucapna, lengkahna nu nyata
Ku karya gawe budaya migawena rampak tandang
Ucapna lengkahna nu nyata
Kajembaran Indonesia

Catetan :
Karatagan Damas ieu dihaleuangkeunna ti wangkid Oktober 1984 ku PP IV DAMAS. Lagu samemehna "Pasundan Eksiganda".
Dina Sawala Luhung ka-14 taun 2008 judul Karatagan Damas diasupkeun kana Ugeran Dasar Damas, bari teu dijentrekeun rumpakana. Dina Sawala Luhung ka-15 taun 2010 Rumpaka Karatagan Damas di jentrekeun dina Papagon Atribut Damas anu mangrupakeun bagian tina UD/URT Damas. 

Via Google DRive dari Drive: murdhakasip@gmail.com
JUDUL : Karatagan Damas