AddToAny

Skip to main content
,
Nonton ONLINE




 sitemap blog☕


PUPUH Maskumambang


judul :Pupuh Maskumambang Mp3
eusi : Pupuh anu ngagambarkeun kanalangsaan atawa kasedihan hate bari genes ka diri


PUPUH MASKUMAMBANG

Laras                      : mandenda / nyorong
surupan : 4 = T
BEBAS WIRAHMA

Itu kusir bangun ambek-ambek teuing (12 - i)
Turun tina delman                               (6 - a)
Kuda dipecutan tarik                          (8 - i)
Teu aya pisan ras-rasan                      (8 - a)

Teu ngaraskeun bong kena ka sato laip
Padahal mogokna
Lantaran geus cape teuing
Hayang ngaso eureun heula

Coba lamun aya nu neunggeul ka kusir
Geus tangtu karasa
Nyeuri moal salah deui
Sato ge kitu sarua

Tandak panambih : PUPUH MASKUMAMBANG
Gerakan : sedeng

Naha abong abong teuing
Nasib abdi jadi hewan
Digawekeun beurang peting
Dirangket taya ras rasan

Abong kena abdi sato teu ngarasken kana cape
Sadidinten paeh poso
Mogok soteh awak lunges

Coba kusir mun di peupeuh
Pasti nyeuri karasana
Sato oge tangtu leumpeuh pada-pada boga rasa

Nama ASLI : I GDE RISKI MSIP, Seorang PNS @ Pemerintahan kota Tasikmalaya tepatnya . Kemudian Blog ini saya buat dan mulai beroperasi pada 21 Desember 2010. Tentang SAYA ~ Jadi masterpulsa Daftar GratisHIBURAN

Comments